Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Pendek 2023 Terbaru dan Menyentuh Hati Tema: Bohong Awal dari Kejahatan

- Rabu, 18 Januari 2023 | 12:14 WIB
Khutbah Jumat bahasa Sunda 2023 pendek, terbaru dan menyentuh hati. (unsplash/Shotify)
Khutbah Jumat bahasa Sunda 2023 pendek, terbaru dan menyentuh hati. (unsplash/Shotify)

Dilain waktu bade nginum arak tapi méméh prak di pikir heula engkélamun di taros ku Rasul ngeunaan nginum arak kumaha nya lamun diaku da moal ngabohong berarti bakal di jilid da kitu hukum Islam mah atuh moal diaku, ngabohong tea. Aeh gening beurat teu bohong téh gening.

Kitu tah para wargi janten kacindekanana moal aya kajahatan anu teu dimimitian ku ngabohong.

Baca Juga: Bacaan Doa Sholat Jenazah PDF Lengkap Arab, Latin dan Artinya dari Takbir ke-1, ke-2, ke-3 hingga Takbir ke-4

بَارَكَ اللهُ لىِ وَلَكُمْ

Khutbah Jumat ka 2

الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَاحْدَهُ لاَ شَرِيْكَلَهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اما بعد

Hadirin kaum muslimin sidang Jum’at anu dimulyakeun ku Allah

Dina hadist nu tadi diterangkeun (وَإِنَّ الرَّجُلَ لَيَكْذِبُ حَتَّى يُكْتَبَ عِنْدَ اللَّهِكَذَّابًا ) jadi lamun aya niat jahat atawa maksiat teu didasaran ku bohong moal laksana éta niat jahatna kulantaran kitu Bohong téh jadi sumber kamaksiatan, malah biangna jeung kapalna.

Sakabéh kamaksiatan lamun teu make bohong teu bisa jadi. Rék maling sieun aya nu nayakeun ti mana meunangna éta barang, lamun dijawab meunang meuli tangtu bohong, lamun dijawab sabalakana yén meunang maling, tangtu ditangkep.

Rék nipu rék malsu, teu bisa, sabab bahan kudu bohong. Rék maéhan jalma tangtu gujrud panasaran pada hayang nyaho saha nu boga dosana, sarta lamun ngabetem sarua jeung ngabohong kubetem, lamun wakaca balaka, tangtu ditéwak.

Baca Juga: Bacaan Doa Selamat Dunia Akhirat Versi Panjang dan Pendek Lengkap dengan Teks Arab, Latin dan Artinya

Dalah rék teu shalat, teu shaum ogé teu bisa lantaran sakumaha basangkalna jalma masih ngabogaan rasa éra jadi lamun teu shalat teu shaum balaka pasti bakal éra
Bohong dina Islam dijadikeun ukuran iman hiji jalma, dimana bohong masih tetep raket ngadaging dina diri, éta tandana teuacan jadi mu’min anu haqiqi, tapi ngabogaan bahan kamunafikan.

Malah dina ilmu Musthalahul hadis lamun aya hadis anu aya salah sahiji rowi anu di tuduh dusta nyababkeun hadist éta jadi Matruk atawa ditinggalkeun teu di paliré deui sedengkeun Matruk ka golong hadist anu Dlo’if teu tiasa diamalkeun atanapi dianggo hujah. Padahal upami dituduh dusta can pasti jalma éta ngalakukeun dusta (bohong) tapi akibatna geus ngaragragkeun status hadis jadi lemah.

Mudah-mudaham urang sadaya aya dina panyalindungan Allah swt diaping dijaring sangkan teu ngalakonan perkara-perkara anu bakal nyilakakeun diri urang sadaya Amiin.

رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ (286)

Halaman:

Editor: Taufiq Fadhilah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

X