Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi Bulan Rajab, Tema: Kautamaan Bulan Rajab

- Selasa, 24 Januari 2023 | 18:12 WIB
Khutbah Jumat bahasa Sunda edisi bulan Rajab. (pexels/Amol Nandiwadekar)
Khutbah Jumat bahasa Sunda edisi bulan Rajab. (pexels/Amol Nandiwadekar)

Dina dinten Jum'at ieu urang parantos aya dina bulan Rajab 1444 H, anu mangrupakeun salahsahiji tina Asyhurul Hurum, nyaeta Dzulqa'dah, DzulHijjah, Muharram tur Rajab.

Baca Juga: Doa Bulan Rajab Sesuai Sunnah Rasulullah SAW Lengkap Arab, Latin dan Artinya

Allah Subhanahu wa Ta'ala ngandika:

إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ (التوبة: ٣٦).

"Saéstuna bilangan bulan mungguh Allah nyaeta dua belas bulan, dina katangtuan Allah, dina waktu Allah nyiptakeun langit tur bumi, diantaran opat bulan haram" (QS. At-Taubah:36)

Allah nyebutkeun bulan haram, kusabab diharamkeunana peperangan dina opat bulan éta.

Ibnu Nua'im tur Ibnussuni ngariwaytkeun, saéstuna Kangjeng Rosul dimana lebet bulan Rajab sok nyeueurkeun du'a:

اللَّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِي رَجَبٍ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ

"Ya Allah, paparin kaberekahan ka abdi sadaya dina sasih Rajab sareng Sya'ban tur dugikeun abdi sadaya ka Bulan Romadlon"

Hadirin sidang Jum'ah Rohimakumullah

Baca Juga: 10 Quotes Bijak Menyambut Bulan Rajab 2023 Singkat, Islami dan Penuh Doa, Cocok untuk Caption Medsos

Diantara kautamaan sasih Rajab nyaéta wengian ka hiji sasih Rajab mangrupakeun wengian diijabahna du'a, sakumaha ditegeskeun ku Imam Syafi'i dina Kitab Al-Umm:

بَلَغَنَا أَنَّهُ كَانَ يُقَالُ: إِنَّ الدُّعَاءَ يُسْتَجَابُ فِي خَمْسِ لَيَالٍ: فِي لَيْلَةِ الْجُمُعَةِ، وَلَيْلَةِ الْأَضْحَى، وَلَيْلَةِ الْفِطْرِ، وَأَوَّلِ لَيْلَةٍ مِنْ رَجَبٍ، وَلَيْلَةِ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ

"Tos nepi béja ka kami, saenyana du'a diijabah dina lima wengi. wengi Jum'at, wengian Idul Firi, wengian Idul Adha, wengian ka-hiji Rajab tur wengian Nisfu Sya'ban"

Hadirin Rohimakumullah

Halaman:

Editor: Taufiq Fadhilah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

X