Khutbah Jumat Bahasa Sunda Edisi Bulan Rajab, Tema: Kautamaan Bulan Rajab

- Selasa, 24 Januari 2023 | 18:12 WIB
Khutbah Jumat bahasa Sunda edisi bulan Rajab. (pexels/Amol Nandiwadekar)
Khutbah Jumat bahasa Sunda edisi bulan Rajab. (pexels/Amol Nandiwadekar)

Dina sasih Rajab disunnahkeun nyeueurkeun amal kasaean, diantarana nyeueurkeun puasa, sakumaha disunnahkeun puasa dina sasih Hurum nyaeta Dzulqa'dah, Dzulhijjah tur Muharram.

Memang teu aya hadist shahih anu khusus perkawis kasunnahan puasa Rajab, tatapina teu aya oge dalil larangan khusus kana puasa Rajab. Dalil sunnahna puasa Rajab cukup dicandak tina kaumuman dalil puasa dina bulan Hurum anu 4.

Baca Juga: Khutbah Jumat 27 Januari 2023 Singkat dan Bermakna tentang Hidup Bertetangga

Dina Shoheh Muslim, hadits no. 1960:

عن عُثْمَانَ بْنِ حَكِيمٍ الْأَنْصَارِيِّ قَالَ سَأَلْتُ سَعِيدَ بْنَ جُبَيْرٍ عَنْ صَوْمِ رَجَبٍ وَنَحْنُ يَوْمَئِذٍ فِي رَجَبٍ فَقَالَ سَمِعْتُ ابْنَ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا يَقُولُ كَانَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَصُومُ حَتَّى نَقُولَ لَا يُفْطِرُ وَيُفْطِرُ حَتَّى نَقُولَ لَا يَصُومُ

Ti Usman bin Hakim Al-Anshari, anjeuna ngadandika: Kuring naros ka sahabat Sa'id bin Jubair perkawis puasa Rajab, tur harita kami aya dina bulan Rajab. Maka nyarios Sa'id bin Jubair: Kami ngadangu Ibnu Abbas radiyallahu 'anhuma ngandika: Kapungkur Rosulullah shallallahu 'alaihi wasallama pernah saum, nepika kami nyarita Rosul moal buka. Rosul ogé kantos buka, sahingga kami nyarita Rosul moal puasa.

Imam An-Nawawy dina Syarh Shahih Muslim, ngomentaran pamaksudan ieu hadits: "Dzohirna, nu dimaksud Sahabat Sa'id bin Jubair nyaeta teuaya dalil khusus anu marentah atawa ngalarang dina puasa Rajab. Tapi hukum puasa tetep disunnahkeun sakumaha Rosul nyunnahkeun puasa dina 4 bulan hurum ieu."

Kukituna, mangga seueurkeun lakonan perkara sunnah dina bulan ieu, ti kawit sodaqoh, dzikir, sholat sunnah tuir puasa sunnah, supaya urang kengeng kautamaan saih Rajab ieu.

Baca Juga: Materi Khutbah Jumat di Bulan Rajab Terbaru 2022 tentang Hikmah Bulan Rajab

Hadirin Rahimakumullah

Dina bulan Rajab ieu oge terjadi sababahara kajadian penting dina sejarah Umat Islam, anu tangtosna lain sakadar ngeunaan, tapi ngabuktikeun yen bulan Rajab mangrupakeun bulan anu mulya. Diantara kajadian dina bulan Rajab nyaeta :

1. Dina sasih Rajab ibuna Kangjeng Rosul ngawitan kakandungan, ngandung makhluk anu mulya anu dilahirkeun dina sasih Rabi'ul Awwal nyaeta kangjeng Rosulullah shallallahu 'alaihi wasallama

2. Kaping 27 Rajab terjadi peristiwa amat sangat luar biasa, nyaeta perjalanan Isro tur Mi'rajna Kangjeng Rosulullah shallallahu 'alaihi wasallama.

3. Kaping 10 Rajab taun 9 H, terjadi perang tabuk

4. Dina taun 9 H oge An-Najasyi, raja Habsyah wafat dina kaayaan islam.

Halaman:

Editor: Taufiq Fadhilah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

X